Sisindiran : Banyolan Urang Sunda


cepot1Meuli sereh ka Cikijing

Sakalian meuli salam

Pipikiran pararusing

Inget kanu di Darussalam

 Heu..heuy.. ideh emut ka sahanya?

 Angeun kacang-angeun kacang

Diawuran daun salam

Hayu gancang-hayu gancang

Sakola ka Darussalam

Sok enggal ajakan sarakola di Darussalam ngarah rame….!!!!!

Mawa papais ti maniis

Mawana dina daun salam

Saha itu anu gareulis

Eh…Ibu Guru Darussalam

Ke…ke… ari bapa guruna kumahanya?

“Ngga tau ah gelap.”

Ka Bogor meuli sekuteng

Balikna meuli kadong-dong

Saha itu anu garanteng

Bapa Guru Darussalam dong

Siii….P ah.

Ka Talaga Meuli senter

Jalana Mapay Cigowong

Cing saha anu palinter

Murid Darussalam dong

 So..pasti atuh! Ceuk barudak bari nyengir.

Ieu mah sisindiran Bu Titi :

Aya jambu aya kadong-dong

Aya uyah aya cengek

Ngarujak yu…!!!???

“Hayu…atuh..!!!” ceuk bu Pitri mairan.

Tah mun ieu mah sisindiran Pa Ruli:

Pelesiran ka Ciater

Balikna teu mawa nanaon

Lamun ngaku budak pinter

Ari What hartina naon?

 Semur jengkol rasana pait….

Nu nga MISSED CALL TEU Boga Duit…

….Hayang pulsa?????

Gunung Kelud…. gunung cireme

Nu teu udud ….. jiga embe ……ha….ha…ha….

Di tembalan ku Pa Yayan :

Pisang goreng…. cau jimluk….

Bengeut goreng…. kawas beruk… wk ..wk…wk…

Punten ah heureuy…..he…he..he….

Teraskeun nya….????!!!!

Obat nyamuk

Ka tebak angin

Si Otib ngamuk

Hayang kawin

 Aya cai dina gelas

Di asupkeun kana botol

Lamun hayang naek kelas

Diajarna kudu getol

Buah nangka

Buah jeruk

Buah apel

Buah sirsak

…Eh…etamah nami buah-buahan atuh…!!!

Ngala eurih-ngala eurih

Sakebon menang sadapur

Nyeri peurih-nyeri peurih

Kabogoh direbut batur

….Tah nu etamah ceuk si OGI..

Permen mentos

Rasa cabe

Tos ah cape…..

Buah samangka

Jadi areuy

Marangga euy……

Daun sereh

Daun salam

Ngarah tereh

Wasalam……

@Pranajarabbani2

1 thought on “Sisindiran : Banyolan Urang Sunda

Please Comment....!!!

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout /  Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout /  Ubah )

Connecting to %s