Kamari mah dagang samping
Ayeuna mah dagang sandal
Haturan wilujeng sumping
Ka baraya anu enggal
Manuk japati na kurung
Diparaban diawuran
Akang sieun nyai pundung
Saminggu teu diapelan
Meser kaen sareng samping
Kaena nu motif kembang
Sanajan akang teu sumping
Poma nyai ulah bingbang
Poe saptu malem minggu
Jalan-jalan dina tangga
Poma nyai akang tunggu
Akang teh jalmi satia
Abdi ningali ti tonggoh
Nu katingal palimanan
Lamun enya nyai bogoh
Hayu urang ka pelaminan
Ka kebon rek ngala salak
Ngalana kudu di sodet
Kade nyai ulah nolak
bisi kena dukun pelet