Sisindiran Silihasih
unggal poe dagang toge
Geus teu kuat hayang kawin
kajeun jeung nyi randa oge
Mang kimin nuju ngaronda
Unggal poe tara telat
Geuning itu aya randa
Randa bengsrat anyar pegat
Tina taktak kana dada
Laun-laun kanu legok
Kuring hayang ka nyi randa
Ka nyi randa anu denok
Sisindiran Heureuy
Rek nguseup lauk ka leuwi
Dileuwina loba areuy
Haturan sadaya wargi
Sisindiran bari hereuy
Pang ngenahna semur jengkol
Komo mun jeung pais peda
Naon itu nu ngajendol
Singhoreng teh kanjut kuda..
Ha…ha…ha…
Sapu nyere pegat simpay
Paturay patepang deui
Lalaki anu sok lebay
Hayangeun digegel kunti
Sisindiran Nasihat
Kamana jalan Talaga
Kaditu kapalih wetan
Kamana jalan ka surga
Kaditu kapangaosan
Abdi gaduh wadah hiji
Hanjakal dianggo sambel
Abdi hoyong naek haji
Hanjakal can aya bekel
Ka leuweung rek ngala huma
Pare huma pare jangkung
Awewe jaman ayeuna
Ka luar tara ditiung
Sunda kuring sunda anjeun
Sunda ngancik dina diri
Akhlak goreng geura piceun
Bisi malindes ka diri