Sisindiran Silihasih Urang Sunda


cepot1Awi beulah kanggo tali
tali kohkol keur ngaronda
hayu batur para wargi
sisindiran urang sunda

Mang Dada nu ngajul jeruk
kuring mah arek niiran
urang sunda ulah giruk
mun batur milu mairan

Mawa hayam sakaranjang
mawana jeung manuk puyuh
hayang nanya mojang lenjang
hanjakal teu acan wawuh

Meuli salam jeung dahanna
mawana kana calana
titip salam kamanehna
mojang cureuleuk socana

Satungtung datang ti wetan
tangtu sok mawa sepaheun
satungtung haben nyuratan
tangtu manehna bogoheun

Daun pulus dilulunan
jojodog ti Tarikolot
sugan tulus lalaunan
aya jodo pakokolot

meuli hurang ti basisir
meulina dua karanjang
kamari kuring pelesir
pelesir jeung mojang lenjang

Es batu, wadahna termos
cekap sakitu, permios

Please Comment....!!!

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout /  Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout /  Ubah )

Connecting to %s