Meuli hayam ti mang diran
Hayam kakara disapih
Urang sunda sisindiran
Sisindiran silihasih
Rincik rincang rincik rincang
Aya roda na tanjakan
Sidik pisan sidik pisan
Nyai teh bogoh ka akang
Tangkal hiris dibeungkeutan
Dibawa ka pasir alit
Nu geulis ngadeukeutan
Hayangeun dibere duit
Daun hiris daun sembung
Dibeungkeutan keur ka bandung
Omat geulis ulah pundung
Mun akang kapaksa nyandung
Aduh eta si akang tega kitu ka Eneng?
Bang jampang keur ngasah parang
Rek dipake babad koneng
Ka akang ulah salempang
Akang sayang ngan ka eneng
Aya listrik di masigit
Caangna kamana-mana
Aya istri jangkung alit
Hanjakal geuning waria
Ha…ha….ha…!!!!!
Kaso pondok kaso panjang
Kaso ngaroyong ka akang
Sono mondok sono nganjang
Sono mondok jeung nyi mojang
Saha anu bade nyate
Tusukna atos sayogi
Bebende nu hade hate
Pamatri ati sajati
Daun saga daun pulus
Dibeungketan ku mang Didi
Saha itu anu mulus
Singhoreng kabogoh abdi
Kembang sunda eta pantun
Pantun sunda sisindiran
Rek sabulan rek sataun
Moal weleh diantosan