Hayang dahar lauk teri
Sanguna dina boboko
Sok sanajan badan nyeri
Sisindiran mah teu poho
Hayang dahar lauk sepat
Dibanjur sambel tarasi
Karasa nikmatna sehat
Lamun keur aya kanyeri
Kamari meuli tikukur
Ayeuna meuli japati
Maka urang kudu syukur
Kana nikmat nu katampi
Geuning hirup papasangan
Aya gering aya sehat
Aya senang aya susah
Aya bagja aya cilaka
Aya miskin aya beunghar
Aya bener aya salah
Jeung rea-rea deui ……….
Nu penting urang kudu sadar yen hirup moal salawasna langgeng……