Sisindiran Urang Sunda : Nasehat


SisindiranNgala kuya jeung mang Uda
Ngala hurang jeung mang Diran
Hey baraya urang sunda
Hayu urang sisindiran

Rujak cikur rujak bebek
Loba nu rek ngadaharna
Jalma nu sok gede ambek
Bakal kaduhung ahirna

Ka Ema silaturahmi
Teu hilap nyandak seupaheun
Jalma nu alus budi
Pasti loba nu resepeun

Lamun ulin ka Talaga
Balikna sok barangbawa
Lamun urang hayang surga
Jalanna nyaeta takwa

Ka pasar meser ragaji
Ragajina tinggal dua
Boga budak pinter ngaji
Nu reueus pasti kolotna

Ka warung meuli katuncar
Sakalian meuli jahe
Mun budak kedul diajar
Hanjakalna ke geus gede

3 thoughts on “Sisindiran Urang Sunda : Nasehat

  1. Lamun dayang dahar noga
    kudu daèk nya meulina
    Lamun hayang asup sorga
    Kudu getol nya solatna 😀

  2. Pa guru
    Lamun ulin ka talaga
    Balikna sok barang bawa
    Lamun hayang asup sorga
    Jalan na nyaeta taqwa

    Bella
    Ngala tutut ka talaga
    Alat na pacul ayakan
    Kitu patut hayang sorga
    solatna oge jarang pan

  3. pa guru : lamun ulin ka talaga
    balikna sok barang bawa
    lamun urang hayang surga
    jalana nyaeta takwa

    fitriani : daun salasih ngareluk
    di seumat ku awi beulah
    nu asih ka pada mahkluk
    di rahmat ku gusti alloh

Please Comment....!!!

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout /  Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout /  Ubah )

Connecting to %s