Cek Ninina, “Kabayan ulah hees beurang teuing. Eweuh pisan gawe sia mah, ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.”
Cek si Kabayan, “Ka mana ngalana?”
Cek ninina, “Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu meunang ngagaru geura.”
Leos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katembong tututna loba, lantaran caina herang, jadi katembong kabeh. Tututna pating goletak.
Tapi barang diteges-teges ku Si Kabayan katembong kalangkang langit dina cai. Manehna ngarasa lewang ningali sawah sakitu jerona. Padahal mah teu aya sajeungkal-jeungkal acan, siga jero soteh kalangkang langit.
Lajengkeun macana
lucu bingits
Hahaha lucu si kabayaan 😀
Lucu bgt deh bsa menambah ilmu
Hahaha lucu lucu lucu…
Teu. Ka bayank pisan lamun jadi si kabayan mah sawah deet d pajar. Ken jero..
Heehehe
kabayang lamun urang jadi sikabayan…hehe
lucu pisan euyyyyy……! ^_^