Sisindiran Urang Sunda


sisindiranPiwuruk
Lamun urang ninun kanteh
Ulah resep make poleng
Lamun urang leutik keneh
Ulah resep ngomong goreng

Hampelas raraga jati
Palataran babalean
Iklas raga sareng pati
Ngabelaan kasaean

Silihasih
Daek soteh ka Cinangka
Ka Cisitu mah teu purun
Daek soteh ka manehna
Ka nu itu mah teu purun

Aya meri dina rakit
boboko wadah bakatul
lain nyeri kupanyakit
kabogoh direbut batur

Banyol
Sok hayang nyaba ka Bandung
Sok hayang nyaho nanjakna
Sok hayang nanya nu pundung
Sok hayang nyaho nyentakna

Cikur jangkung jahe koneng
Lampuyang pamura beuteung
Rarasaan jangkung koneng
Puguh mah bureuteu hideung

3 thoughts on “Sisindiran Urang Sunda

  1. Aya huma dekeut situ
    Eta huma nu bogana randa
    Naha urang sunda teh kitu
    Alim nyarios ku basa sunda

  2. salawe dua lima..
    meuli cau seseleket….!!
    awewe jaman ayeuna
    make baju merecet kelek

  3. Lauk emas dina ganggeung
    Di samberan ku japati
    Boga emas moal langgeung
    Teu caran boga pangarti

Please Comment....!!!

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout /  Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout /  Ubah )

Connecting to %s