Sisindiran : Ngaraksa basa jeung budaya sunda


sisindiranMeuli samping jeung kabaya
Sakalian pelesiran
Neda maklum ka sadaya
Abdi bade sisindiran

Kalayar buah kalayar
Lebet ka cabe mah henteu
Lumayan tambi lumayan
Lebet ka sae mah henteu

Aya hurang dina batu
sieun di dahar buhaya
urang sunda teh beut kitu
mopohokeun budayana

Kuring mah teu boga banda
sadayana dipasihkeun
angklung teh ti tatar sunda
naha urang mopohokeun

Jalan-jalan ka gang sunda
naha beut meuni nalangsa
kuring teh pituin sunda
bakal ngamumule basa

Di Cina teh loba panda
panda sok ngahakan kangkung
mumule budaya sunda
bilih lapur kawas angklung

Di luhur aya bandera
bandera gambarna panda
naha kuring kudu era
pan ieu teh basa sunda

ulin ka jalan juanda
sawaktos bulan puasa
lamun ngaku urang sunda
ulah poho kana basa

isuk-isuk mawa pacul
pasosore mawa panda
ngaku-ngaku anak gaul
mopohokeun basa sunda

1 thought on “Sisindiran : Ngaraksa basa jeung budaya sunda

  1. kuring mah teu boga banda
    sadayana di pasihkeun
    angklung teh ti tatar sunda
    naha urang mopohokeun

    mun di ajar sing tengeutkeun
    da keur diri manehana
    hayu urang lestarikeun
    budayana urang sunda

Please Comment....!!!

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout /  Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout /  Ubah )

Connecting to %s