Barudak diajar sisindiran


Saur pa guru : Ngawuluku ngawalajar
kudu dibaladah heula
dina waktu rék diajar
hayu ngadaro’a heula….

Ulah loba dahar peuteuy
ngala awi ngan sabuku
barudak ulah hareureuy
sok geura baruka buku

Ceuk Indri : Meuli manuk ka Lodaya
Manukna manuk titiran
kamari abdi sadaya
dialajar sisindiran.

Titiran eunteup ngajajar
bangkuang palid ka sisi
sisindiran opat jajar
aya cangkang aya eusi.

Saur Pa guru : Ka leuweung néwak titiran
Ditukeran ku kalapa
budak pinter sisindiran
éta pasti murid bapa

Ceuk Usep mairan : Ka warung mésér saledri
salah jalan kalah muter
bapa ulah muji Indri
abdi gé da sami pinter.

Pa Guru : Kudu getol neukteuk kuku
ngarah pinter oge kasep
kudu getol maca buku
ngarah pinter jiga Usep.

Ngala kalapa keur hajat
Hajatanna di ciater
Murid bapa pasti hébat
Nyabalageur nyapalinter

Neng Leli mairan : Jalan-jalan ka ciater
Disarengan ku bu Lilis
Abdi mah sanés mung pinter
katambihan ogé geulis

Saur pa Guru : Isuk-isuk ngala hiris
Dituangna sareng jaat
Murid bapak memang geulis
Pinter ngaji rajin sholat

Tiara Oge ngiring nyarios : Haur Geulis linggar jati
Mésér ayakan jeung nyiru
Urang kudu pinter ngaji
Tah dangukeun bapa Guru

Si Hapid teu cicingeun manehna milu mairan : Sanaos ka Haur geulis
Abdi mah resep ka Cina
Sanaos Néng Leli geulis
Abdi mah resep ka Mia

Mandi isuk rada beurang
Tampian jalanna nanjak
Abdi atos terus terang
Badé ditampi, ditolak?

Tah ieu mah ceuk si Lala jeung Nok Siska : ulah ngala cocongoan
Bisi ruksak tangkal manggu
Ulah waka bogohan
Bisi sakola kaganggu

Si Hapid gancang nempas : Tangkal awi tangkal randu
Jaradi handapeun peuteuy
Wargi-wargi ulah bendu
Abdi mah mung ukur heureuy

Si Parid milu nyarita : Hapid resep dahar peuteuy
Ngan sapérak sakilona
Hapid mémang resep heureuy
Nu matak awét jomlona

Si Asep mairan : Meuli pedes ngan sakilo
Diwadahan ku Si bayu
Hapid mah da sanés jomlo
Ngan sakadar henteu payu

Hapid nembalan : meuli cingcin jeung Néng Ayu
dahar nangka jeung si Johan
abdi mah lain teu payu
moal waka bobogohan

1 thought on “Barudak diajar sisindiran

  1. pa guru :
    cau naon cau naon
    cau kulutub dijuru
    bau naon bau naon
    bau hitut nu di juru
    Ai nurkholipah :
    cau naon cau naon
    cau ambon anu tutung
    bau naon bau naon
    bau hitut nu burung

Please Comment....!!!

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout /  Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout /  Ubah )

Connecting to %s