Ajag Nangtang Jelema
Usum katiga kawilang panjang, atuh panon poé ogé karasa panas morérét.Jujukutan taya nu jadi, paréang nungtut paraéh. Di hiji rungkun peucang ngiuhan bangun nu horéam lunta, geus teu werateun jigana mah kawantu ti isuk can kararaban dahareun. Awakna begang kari kulit jeung tulang, leumpangna gé geus rarampéolan. Keur uleng mikiran nasibna, teu kanyahoan ti mana jolna ujug-ujug korosak ajag nyampeurkeun bari babaung.
“Ieu geuning hakaneun aing téh,” ceuk ajag, “Awas, peucang, manéh ulah boga pikiran lumpat. Ka mana ogé moal burung diberik . . .” pokna deui bari angger babaung.
Sakadang peucang reuwas nataku, tapi gancang mindingan kareuwasna.
“Duh . . . boro-boro mun bisa lumpat, leumpang ogé geus teu kuat. Seug komo anjeun mah kapan mahluk anu pohara gagahna . . . “ Lajengkeun Macana!
carita alus pisan jang dicaritakeun deui ka murangkalih pikeun picontoeun hirup.ari hirup teh ulah sok sombong rasa aing..mantaapp