Si Kabayan Marak


Si Kabayan Marak

Si kabayan jeung mitohana rebun-rebun geus nagog sisi walungan. Teu lila burudul rahayat, maksudna rék marak walungan duméh bakal kasumpingan tamu agung ti dayeuh. Ari kasedepna tamu, ceuk kokolot désa, nyaéta lauk walungan.
Tah, poé ieu téh paratamu rék dibagéakeun goréng tawés, pais nilem, jeung beuleum kancra dicoélkeun kana sambel jahé ditinyuh kécap. Mangkaning ngahaja sanguna ogé paré anyar, nya bodas nya pulen. Leuh, piraku wé tamu henteu nimateun.
Nu méngkong walungan garetol naker. Si Kabayan ogé gadag-gidig manggulan batu jeung gebog cau keur méngkolkeun jalanna cai. Haneut poyan ogé cai téh geus orot, lauk nu galedé geus témbong tinggudibeg.
Kadewek Si Kabayan meunang tawés sagedé tampah. Barang rék diasupkeun kana korangna, kokolot ngomong, “Ulah dikanakorangkeun, éta mah keur sémah.”
Kedewek deui Si Kabayan meunang nilem sagedé dampal leungeun. Kakara gé diacungkeun geus gorowok kokolot, “Alungkeun kana cireung, keur sémah. Mangkaning kasedepna pais nilem. Hég baé beunteur jeung cingok mah asupkeun kana korang.”
“Ngeunah éhé teu ngeunah éon… aing nu bobolokot, sémah nu ngeunahna, bari jeung teu milu capé…,” Si Kabayan gegelendeng jero haténa.
Sabot kokolot keur bongoh, Si Kabayan meunang deui nilem gedé naker. Teu loba catur, sup baé diasupkeun kana korangna. Manéhna hanjat bari ngomong ka mitohana yén rék ngadurukan. Rék dahar heula jeung beuleum betok.
Brus nilem téh diasupkeun kana durukan, terus muka timbel bekelna. Kakara ogé beuleum nilem téh béak sapotong, ana gorowok téh Si Kabayan gegeroan ka mitohana.
“Abah, Abah, buru-buru ka dieu! Ieu kuring nyeri beuteung, peujit mani pupurilitan. Jeung teu puguh téténjoan!”
Mitohana reuwaseun nénjo Si Kabayan adug-songkol, bari mencétan beuteungna.
“Haduh, haduh ieu nyeri beuteung!” omong Si Kabayan. Panonna burial buncelik.
Nu araya di dinya ribut, ngariung-riung Si Kabayan.
“Ku naon? Ku naon? Na dahar naon manéh téh?”
“Teuing, da barang am dahar beuleum nilem, ana purilit téh peujit.
Téténjoan teu paruguh. Haduh, haduh, ieu kuring sieun paéh! Lauk téh meureun aya racunan…” Nu araya nénjo beuleum lauk kari sapotong.
“Boa enya laukna aya racunan. Meureun di tonggoh aya nu keur nua ku tua leteng,” ceuk nu ngariung-riung Si Kabayan.
Si Kabayan adug lajer, terus nangkuban bari nungkup beungeutna. Lok, elak-elakanana dirojok ku curukna. Euweuh nu nangénan. Na ari borolo téh utah babalongkéngan.
“Enya, ieu mah karacunan. Geuning tuh utah-utahan,” ceuk kokolot, “Eureun wé euy, urang pindah ka béh tonggoh nu jauh ti lembur. Meungpeung isuk kénéh. Leupaskeun deui wé lauk nu dina cireung mah! Untung ninggang di Si Kabayan, kumaha teuing lamun sémah ti dayeuh nu karacunan…” omong kokolot deui.
Lauk dina cireung diborolokeun ka cai. Bring nu marak parindah. Kari Si Kabayan wé di sisi cai, ditungguan ku mitohana.
Barang nu mararak geus jauh, kuniang Si Kabayan hudang, tuluy lumpat ka tengah walungan nu caina masih kénéh orot. Bendungan can dibedahkeun, lauk-laukna tinggudibeg kénéh.
“Buru-buru téwakan, Abah! Bisi nu séjén baralik deui.”
Mitohana olohok, “Geus cageur manéh téh, Kabayan?”
“Har…da teu nanaon ti tadi gé. Keuheul tuda, néwak nilem keur sémah, meunang tawés gedé keur sémah. Meunang kancra, kasedepna. Ari keur urang nu bobolokotna, ngan ukur beunteur jeung bogo,” omomg Si Kabayan bari nyéréngéh. Si Kabayan milihan lauk nu galedéna, terus digémbol ku sarungna. Manéhna jeung mitohana mah teu milu ka tonggoh jeung nu séjén.
“Enggeus waé, Bah, bisi teu kadahar!” omong Si Kabayan ka mitohana, ngajak balik bari ngagandong lauk ku sarungna.

Dicutat tina Buku : Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VII

2 thoughts on “Si Kabayan Marak

  1. Kabayan marak termasuk dongeng parabel Hartina parabel nyaeta dongeng anu nyaritakeun jalma biasa.
    Karakternya lucu tingkah lakunya terbilang mahiwal ( konyol,beda dari yang lain) dia pintar dan kecerdasannya seringkali dapat mengalahkan yang lainnya.

Please Comment....!!!

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout /  Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout /  Ubah )

Connecting to %s