Nyai Mas Cincin téh ngaran aslinamah Nyai Salira Kasih, anjeunan saurang ronggéng anu kasohor dina zamanna. Mindeng pisan Nyai di ondang ku para karajaan di tatar sunda pikeun nari jaipong ketuk tilu. Diantara raja-raja anu sering ngondang anjeunna pikeun manggung téh nyaéta raja Talaga Manggung, Padjajaran, Sindang Manggung, Cirebon, jeung réa-réa deui.
Dina hiji mangsa, waktu Nyai keur nari aya salah saurang raja anu ka pincut hatena kagembang rasana ku kageulisan Nyai ronggeng nepi ka kabongroy hayang ngajadikeun kabogohna. Kaksihna raja téh Surawisesa. Anu ahirna nya jadi waé manéhna jeung Nyai ronggéng téh bobogohan. Mun ceuk barudak jaman now mah “jadian.” Lajengkeun Macana!