Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 1 Kelas 8 Taun 2018/2019 ieu tiasa di download langsung. Soal ieu tiasa dianggo latihan kanggo tatahar dina mayunan Ulangan Tengah Semester/Penilaian Tengan Semester Bahasa Sunda SMP/MTs Semester Ganjil.
Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 1 Kelas 8 sae pisan kanggo ngalatih sareng ngukur kompetensi para siswa SMP atanapi MTs.
Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 1 Kelas 8 ieu mangrupikeun soal Tes Pendalaman Materi (TPM) anu disusun ku Tim Guru Bahasa Sunda SMP Darussalam. Tangtosna wae soal ieu tebih tina kasampurnaan, Soal ieu ngawengku kisi-kisi UTS/PTS Bahasa Sunda 2018-2019 anu tos ditetepkeun.
Conto Soalna sapertos kieu :
SOAL PREDIKSI UTS/PTS SMP/MTs SEMESTER 1
TAHUN PELAJARAN 2018-2019
Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas/Semester : VIII (Delapan)/1 (Ganjil)
Pilih jawaban nu pangbenerna!
Baca kawih ieu di handap!
Pahlawan Toha
1) Getih suci nyiram bumi
Tulang setra mulang lemah
Babakti nyungkem pertiwi
Cikal bugang putra bangsa
2) Nyatana pahlawan Toha
Pahlawan Bandung Selatan
Patriot ti Dayeuh Kolot
Tugu diwangun ngajadi ciri
3) Tarate nu mangkak
Ligar di empang
Jadi bukti gugurna
Pahlawan bangsa
1. Tema kawih Pahlawan Toha di luhur nyaritakeun ngeunaan….
a. Sumanget Muhamad Toha c. Perjoangan Muhamad Toha
b. Kawani Muhamad Toha d. Jasa Muhamad Toha
2. Nilik kana eusina, kawih di luhur kaasuk kana kawih….
a. Pejoangan c. Silih Asih
b. Pupujian d. Atikan
3. Kawih Pahlawan Toha di luhur diwangun ku…..
a. 2 pada c. 4 pada
b. 3 pada d. 5 pada
4. Unggal pada dina kawih di luhur diwangun ku…..
a. 3 padalisan c. 5 padalisan
b. 4 padalisan d. 6 padalisan
5. Kawih Pahlawan Toha mangrupakeun pangeling-ngeling kana kajadian….
a. Bandung Selatan c. Kamerdekaan RI
b. Bandung Lautan Api d. Pajoangan Pahlawan Toha
6. Dina pada ka hiji Kawih Pahlawan Toha di luhur nyaritakeun ngeunaan…
a. Wapatna Muhamad Toha c. Asal usul Pahlawan Toha
b. Jasa Muhamad Toha d. Sumanget Pahlawan Toha
7. Nu kaasup kalimah transitif di handap ieu nyaeta….
a. Barudak keur lalumpatan c. Dadan tumpak kuda
b. Nina keur ngahariring di kamar mandai d. Si Engkus ngajerit
8. Di handap ieu mana anu kaasup kalimah intransitif?
a. Manehna meuli sapatu c. Udin nutupkeun panto
b. Beurit diundag anjing d. Hayam jago kongkorongok
Baca sempalan sajak di handap ieu!
Hejo pagunungan paul lautan
Taya kamarasan ngan katugenahan
Hejo pagunungan paul lautan
Taya katengtreman ngan ancaman
9. Dumasar sempalan sajak di luhur, katangen sikep panyajak the hayang ngabejaan ka nu maca ngeunaan….
a. Kayaan tanah sunda nu endah, tapi henteu tengtrem tur loba ancaman
b. Kaayaan tanah sunda nu endah tur tengtrem pikabetaheun
c. Kaayaan pagunungan anu hejo lembok
d. Kaayaan alam sunda anu geus ruksak ku polusi
10. Gagasan pokok anu rek ditepikeun ku panyajak ka nu maca disebut….
a. Jejer atawa tema c. Rasa
b. Nada jeung suasana d. Amanat
Kanggo soal lengkepna sareng kunci jawabanna tiasa di download dina link ieu di handap!
Mangga klik kanggo ngadownloadna.
Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 1 Kelas 8 Taun Pangajaran 2018-2019 Plus Kunci Jawaban.