Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SD/MI Semester 1 Kelas 2 Tahun 2018


Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SD/MI Semester 1 Kelas 2 Taun 2018/2019 ieu tiasa di download langsung. Soal ieu tiasa dianggo latihan kanggo tatahar dina mayunan Ulangan Tengah Semester/Penilaian Tengan Semester Bahasa Sunda SD/MI Semester Ganjil.

Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SD/MI Semester 1 Kelas 2 sae pisan kanggo bapa/ibu guru enggoning ngalatih sareng ngukur kompetensi para siswa SD atanapi MI.

Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SD/MI Semester 1 Kelas 2 ieu mangrupikeun soal Tes Pendalaman Materi (TPM) anu diluyukeun sareng bahan ajar bahasa sunda semester 1 kelas 2. Tangtosna wae soal ieu tebih tina kasampurnaan, Soal ieu Insya Alloh ngawengku kisi-kisi UTS/PTS Bahasa Sunda 2018-2019 anu tos ditetepkeun.

Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SD/MI Semester 1 Kelas 2 ieu parantos dilengkepan ku konci jawaban. Sahingga langkung gampil dipelajarina.

Conto Soalna ieu di handap!

SOAL PREDIKSI PENILAIAN TENGAH SEMESTER
TAHUN PELAJARAN 2018-2019

Mata pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas/Semester : 2(dua)/1(ganjil)

I. Cakra aksara A, B, atawa C di hareupeun jawaban anu bener!
Pananya nomer 1-5 dumasar kana ieu bacaan.
Tartib Diajar
Diajar kalawan tartib, hasilna tangtu leuwih hade.
Sanajan pangajaran di sakola loba rupana, lamun bisa ngatur waktu tur cara diajarna, moal hese moal matak cape hate.
Pangajaran keur isukan dipariksa, Dibeberes bari diapalkeun.
Sare ulah peuting teuing, Sangkan hudang teu kabeurangan.
Lamun isuk-isuk cukup waktu, indit ka sakola henteu kudu rurusuhan.
1. Kudu kumaha sangkan hasil diajar leuwih hade?
a. Tartib
b. Sakadaek
c. Hare-hare
2. Kumaha carana sangkan hudang sare teu kabeurangan teh?
a. Teu kudu sare
b. Sarena ulah peuting teuing
c. Sarena kudu tibra
3. Supaya henteu cape hate dina diajarna urang kudu….
a. Bisa ulin jeung babaturan keur refresing
b. Bisa ngatur waktu tur cara diajarna nu hade
c. Bisa jajan anu hade waktu istirahat
4. Nurutkeun bacaan di luhur, cing saha anu kudu tartib diajar teh?
a. Barudak sakola
b. Tukang kebon
c. Bapak atawa Ibu guru
5. Ceuk bacaan di luhur waktu beberes jeung ngapalkeun pangajaran keur poe isukan teh iraha?
a. Pabeubeurang
b. Pasosore
c. Peuting
6. Samemeh indit ka sakola urang kudu……
a. Pamit heula ka Indung Bapak
b. Ulin heula sing tenang
c. Jajan heula sing loba
7. Pangajaran anu teu kaharti kudu…..
a. Diantepkeun
b. Ditaroskeun
c. Dipotocopy
8. Mana anu bener tina kalimah-kalimah ieu di handap?
a. Dadi Budak Pinter.
b. Kamari Tati teu sakola.
c. nani hormat ka guru.
9. Ngagurat supaya lempeng kudu make….
a. Pamupus
b. Buku
c. Jedar
10. Sinonim tina kecap piwuruk nyaeta….
a. Papatah
b. Tutunjuk
c. Someah

Pananya nomer 11-15 dumasar kana ieu bacaan
Dodo Gering
Geus opat poe Dodo gering katarajang panyakit tipes. Awakna panas nyebret, tur teu daek barangdahar.
Waktu dipariksa ku dokter, Dodo dititah dirawat di rumah sakit. Di rumah sakit, Dodo diinpus sarta kudu terus ngagoler.
Babaturan Dodo daratang ngalongok ka rumah sakit, tapi teu meunang lila, lantaran Dodo kudu loba reureuh.
11. Dodo katarajang panyakit…..
a. Bisul
b. Tipes
c. Asma
12. Dodo kudu …… di rumah sakit.
a. Dirawat
b. Disarekeun
c. Disuntik
13. Saha nu mariksa Dodo teh?
a. Bidan
b. Dokter
c. Perawat
14. Saha nu ngalongok Dodo teh?
a. Ibu guru
b. Babaturanna
c. Uwana
15. Naon sababna anu ngalongok Dodo di rumah sakit teu meunang lila?
a. Lantaran tempatna heurin
b. Lantaran Dodona embung dilongok
c. Lantaran Dodo kudu loba reureuh
16. Buku dicekel ku…..
a. Sampean
b. Pangambung
c. Panangan
17. Kembang anu sengit teh diambung ku….
a. Sampean
b. Pangambung
c. Panangan
18. Komplek ngandung harti……
a. Kumpulan paimahan
b. Kumpulan toko
c. Kumpulan padesaan
19. Kecap anu sarua hartina jeng kecap patulayah nyaeta…..
a. Loba
b. Ngagunduk
c. Pabalatak
20. Nani nyapukeun buruan ku….
a. Sapu nyere
b. Sapu injuk
c. Kored

Kanggo soal lengkepna sareng kunci jawabanna tiasa di download dina link ieu di handap!
Mangga klik kanggo ngadownloadna.
Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SD/MI Semester 1 Kelas 2 Taun Pangajaran 2018-2019 Plus Kunci Jawaban
Anu bade kopas supados nyantumkeun sumber asli soal ieu.
Pamugia Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SD/MI Semester 1 Kelas 2 Taun Pangajaran 2018-2019 ieu mangfaat.

Please Comment....!!!

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout /  Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout /  Ubah )

Connecting to %s