Manéhna boga niat rék ngabalikeun deui ajaran Nasrani, jeung ogé rék nguatkeun kakawasaanna di Yaman.
Waktu harita, jalma-jalma euyeub anu datang ka Mekah. Tujuanna nyaéta ka’bah, pikeun aribadah.
Ka’bah mangrupakeun kareueus kaum Qurés. Ka’bah ogé mangrupa lambang kasucian kota Mekah.
Abrahah boga kahayang sangkan jalma-jalma henteu daratang ka Ka’bah. Ahirna manéhna ngawangun garéja di Shana’a pikeun nyaingan Ka’bah.
Garéjana dihiasan ku rupa-rupa perhiasan anu méwah tur mahal. Bahkan pantona ogé dijieun tina emas, tembokna tina perak. Garéja éta dingaranan al-Qullais.
Ngan hanjakal, usaha Abrahah pikeun nyaingan ka’bah gagal. Jalma-jalma tetep milih datang ka Mekah. Maranéhna saeutik ogé teu katarik ku gereja al-Qullais.
Malah mah, kacaritakeun aya saurang lalaki ti kabilah Kinanah asup ka éta garéja tuluy manéhna miceun hajat di jero garéja.
Tangtu waé Abrahah ngambek kacida basa manéhna meunang béja garéjana di hina. Saking amarahna, manéhna sumpah rék ngahancurkeun Ka’bah di kota Mekah.