Pasukan Gajah Jeung Manuk Ababil

Abrahan téh gubernur Yaman.

Manéhna boga niat rék ngabalikeun deui ajaran Nasrani, jeung ogé rék nguatkeun kakawasaanna di Yaman.

Waktu harita, jalma-jalma euyeub anu datang ka Mekah. Tujuanna nyaéta ka’bah, pikeun aribadah.

Ka’bah mangrupakeun kareueus kaum Qurés. Ka’bah ogé mangrupa lambang kasucian kota Mekah.

Abrahah boga kahayang sangkan jalma-jalma henteu daratang ka Ka’bah. Ahirna manéhna ngawangun garéja di Shana’a pikeun nyaingan Ka’bah.

Garéjana dihiasan ku rupa-rupa perhiasan anu méwah tur mahal. Bahkan pantona ogé dijieun tina emas, tembokna tina perak. Garéja éta dingaranan al-Qullais.

Ngan hanjakal, usaha Abrahah pikeun nyaingan ka’bah gagal. Jalma-jalma tetep milih datang ka Mekah. Maranéhna saeutik ogé teu katarik ku gereja al-Qullais.

Malah mah, kacaritakeun aya saurang lalaki ti kabilah Kinanah asup ka éta garéja tuluy manéhna miceun hajat di jero garéja.

Tangtu waé Abrahah ngambek kacida basa manéhna meunang béja garéjana di hina. Saking amarahna, manéhna sumpah rék ngahancurkeun Ka’bah di kota Mekah.

Teruskeun Macana!

Paménta Tilu Rupa

Jaman baheula aya hiji jalma anu hirupna malarat rosa. Carékna dahar isuk henteu soré téh lain bobohongan. Ari pagawéanana sok buburuh ngangon domba batur. Sanajan digawéna kacida getolna, tapi hasilna teu kungsi mahi, jajauheun kana cukup. Da puguh ukur buburuh. Ari buruhanana dina sataun téh paré 50 geugeus, ditambah ku bekel dahareun mun rék ngangon.

Demi dununganana jalma beunghar kacida. Tapi korétna kabinabina, jaba licik. Ka pangangon téh ngan minteran baé. Saupama anu ngangon domba rék ngangon ka pangangonan, ibekelanana téh ngan sangu baé jeung uyah sambel. Arang langka pisan dibéré deungeun sangu anu ngareunah.

Mun geus usum panén, nu ngangon téh dibéré pare buruhanana téa. Tapi paréna téh dipilihan anu gambrang pisan. Atuh barang dijual téh hargana teu sakumaha. Teu mahi pikeun meuli baju-baju acan. Munasabah baé mun tukang angon téh papakéanan geus rubat-rabét, siga nu gélo baé. Lajengkeung Macana

Monyѐt Jeung Buaya

Di sisi walungan, aya monyѐt anu hayang meuntas. Tapi manѐhna teu bisaeun ngojay. Lamun nѐkad, manѐhna bisa titeuleum.

“Kumaha ieu nya? lamun teu meuntas bisa paѐh kalaparan. Di dieu mah geus euweuh bungbuahan nu bisa di dahar, da beak ku nu maroro. Dasar jelema, sarakah pisan!” ceuk monyѐt dina jero hatѐna.

Sabot keur ngahuleng kitu, teu kanyahoan di hareupeunna geus aya buaya. Tina tagogna mah buaya tѐh matak pisieuneun. Kitu namah pantes da awakna badag jeung keker, sarta katelah kejem tur licik.

Sabenerna si monyet tѐh sieuneun ningali buaya, tapi manѐhna neger-neger sorangan bari nungguan naon anu rѐk diomongkeun ku buaya. Monyѐt ogѐ tatan-tatan tur waspada bisi buaya ngadadak nyerang manѐhna.

“Hѐy, monyѐt!” ceuk buaya “kaula ningali manѐh siga nu bingung, ku naon?”

“Oh enya,” jawab monyѐt “Anjeun bener buaya! kuring rѐk meuntas, rѐk nѐangan bungbuahan keur dahar. Tuh tingali di Beulah dieu mah geus euweuh bungbuahan nu bisa di dahar.” Lajengkeun maca dongengna!