BABALIK PIKIR
Geus opat poé Esti teu sakola. Panas tiris babakuna mah. Tadi gé geuning aya budak sakola mani ngaliud, ngalayad. Ma’lum Esti mah ketua kelas tur nyaahan pisan ka babaturan téh. Katurug-turug jelema aya. Sakalieun aya budak nu teu bogaeun buku téh, Esti mah tetelepék, jorojoy hayang ulin cenah ka imah babaturan téh. Mun geus puguh katempona babaturanna téh teu mampuh, Esti sok buru-buru mangmeulikeun buku. Pikareueuseun puguh gé. Keur mah pinter, anak nu beunghar, katurug-turug bageur deuih.
Kasoléhan Esti téh hanjakalna teu meunang pangrojong ti kolotna. Ayeuna gé bapana keur tutunjuk bari hahaok. Bapana kacida ambekeunana basa tadi Bu Rida wali kelasna nganuhunkeun kana kasaéan putrana nu tos masihan kasur sapuratina ka Ikeu babaturan sakelasna. Sihoréng budak téh nyokot tabunganana.