Ku bapana. Si Kabayan dititah masantrén di hiji lembur nu rada mencil. Masih kénéh tradisonal pasantrénna téh. Saréna di kobong ngampar samak jeung sababaraha urang baturna. Daharna sangu liwet. Ngaliwetna reremenna mah sorangan-sorangan, tapi sakapeung mah babarengan. Mun ngaliwetna dihijikeun sangu liwetna ditamplokeun kana cécémpéh nu diamparan daun cau, terus didalahar babarengan.
Deungeun sanguna saaya-aya. Mun tas balik mah teu hésé, da sok dibekelan ku kolotna, sarundéng, kéré lauk, jeung sajabana. Mun teu boga deungeun sangu, Si Kabayan sok nyair di solokan leutik nu teu jauh ti kobongna sakalian bari néangan suluh keur ngaliwet. Mun nyair, sakapeung teu beubeunangan, sakapeung mah meunang berenyit, lélé, hurang, jeung lauk sejenna nu kaparengan palid ti balong. Lajengkeun Macana
Si Kabayan Meuleum Lauk
Balas