Si Kabayan Ngala Nangka

Si Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana.
“Kabayan… Kabayan…!” mitohana ngageroan di rohangan tengah
“Aya naon ma?” meuni tarik-tarik teuing ngageroan téh

“Ema hayang nangka cing pangalakeun ka kebon!”
“Nu kolot ngala nangka téh, Kabayan!” Ceuk mitohana.

Lanjengkeun Macana

Si Kabayan Marak

Si Kabayan Marak

Si kabayan jeung mitohana rebun-rebun geus nagog sisi walungan. Teu lila burudul rahayat, maksudna rék marak walungan duméh bakal kasumpingan tamu agung ti dayeuh. Ari kasedepna tamu, ceuk kokolot désa, nyaéta lauk walungan.
Tah, poé ieu téh paratamu rék dibagéakeun goréng tawés, pais nilem, jeung beuleum kancra dicoélkeun kana sambel jahé ditinyuh kécap. Mangkaning ngahaja sanguna ogé paré anyar, nya bodas nya pulen. Leuh, piraku wé tamu henteu nimateun.
Nu méngkong walungan garetol naker. Si Kabayan ogé gadag-gidig manggulan batu jeung gebog cau keur méngkolkeun jalanna cai. Haneut poyan ogé cai téh geus orot, lauk nu galedé geus témbong tinggudibeg.
Kadewek Si Kabayan meunang tawés sagedé tampah. Barang rék diasupkeun kana korangna, kokolot ngomong, “Ulah dikanakorangkeun, éta mah keur sémah.” Lajengkeun Macana

Si Kabayan Moro Uncal

KabayanIsuk kénéh Si Kabayan jeung mitohana geus harudang, lantaran poé éta maranéhna rék ngilu moro uncal. Urang kampung geus saraged, maké calana sontog, samping dibeubeurkeun kana cangkéng, bedog panjang nyolégréng. Sawaréh marawa tumbak. Anjing ragég geus hayangeun geura ngudag boroan ka leuweung.
Nénjo batur saraged téh Si Kabayan mah teu ieuh kapangaruhan. Manéhna mah nyantéy wé, maké sarung dikongkoyangkeun. Batur-batur marawa bedog, manéhna mah kalah mawa péso raut.
“Keur naon mawa péso raut, Kabayan?” tatanggana nanya.
“Keur nyisit uncal,” jawabna. Lajengkeun Macana