Jaman baheula aya hiji jalma anu hirupna malarat rosa. Carékna dahar isuk henteu soré téh lain bobohongan. Ari pagawéanana sok buburuh ngangon domba batur. Sanajan digawéna kacida getolna, tapi hasilna teu kungsi mahi, jajauheun kana cukup. Da puguh ukur buburuh. Ari buruhanana dina sataun téh paré 50 geugeus, ditambah ku bekel dahareun mun rék ngangon.
Demi dununganana jalma beunghar kacida. Tapi korétna kabinabina, jaba licik. Ka pangangon téh ngan minteran baé. Saupama anu ngangon domba rék ngangon ka pangangonan, ibekelanana téh ngan sangu baé jeung uyah sambel. Arang langka pisan dibéré deungeun sangu anu ngareunah.
Mun geus usum panén, nu ngangon téh dibéré pare buruhanana téa. Tapi paréna téh dipilihan anu gambrang pisan. Atuh barang dijual téh hargana teu sakumaha. Teu mahi pikeun meuli baju-baju acan. Munasabah baé mun tukang angon téh papakéanan geus rubat-rabét, siga nu gélo baé. Lajengkeung Macana