Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 1 Kelas 9 Taun 2018/2019 ieu tiasa di download langsung. Soal ieu tiasa dianggo latihan kanggo tatahar dina mayunan Ulangan Tengah Semester/Penilaian Tengan Semester Bahasa Sunda SMP/MTs Semester Ganjil.
Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 1 Kelas 9 sae pisan kanggo ngalatih sareng ngukur kompetensi para siswa SMP atanapi MTs.
Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 1 Kelas 9 ieu mangrupikeun soal Tes Pendalaman Materi (TPM) anu disusun ku Tim Guru Bahasa Sunda SMP Darussalam. Tangtosna wae soal ieu tebih tina kasampurnaan, Soal ieu ngawengku kisi-kisi UTS/PTS Bahasa Sunda 2018-2019 anu tos ditetepkeun.
Conto Soalna sapertos kieu :
SOAL PREDIKSI UTS/PTS SMP/MTs
TAHUN PELAJARAN 2018-2019
Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas/ Semester : IX (Sembilan)/1 (Ganjil)
Pilih jawaban nu pangbenerna!
Baca sempalan hutbah ieu di handap!
Parahadirin Kaum Muslimin !
Saparantos muji ka hadirat illahi robbi, solawat sareng salam mugia ginulur ka jungjunan urang sadaya nyatana Nabi Muhammad SAW. Katut kulawargana, sahabatna, paratabi-in dugi ka yaumiddin.
Salajengna, hotib wasiat hususna ka diri pribadi umumna ka hadirin rohimakumulloh, sumangga urang ronjatkeun kataqwaan ka Alloh swt, margi mung ku taqwa urang tiasa ngahontal kasalametan di dunya sareng aherat.
Hadirin Kaum Muslimin Rohimakumulloh.
Manusa aya hargana lamun miboga élmu sanajan miskin. Kitu deui manusa jadi terhormat lantaran boga élmu. Lamun teu boga élmu, naon hargana hirup urang, sabab henteu aya bédana jeung sato.
Imam Syafi’i ngadawuh : “Hirup manusa atawa hiji pamuda, nyaéta ku elmu jeung taqwa.”
Lamun élmu jeung taqwa teu aya dina diri manusa, mangka hirupna moal aya hartina. Kukituna hayu urang tungtut élmu. Sing getol hadir di majlis élmu.
Seueur pisan ganjaranana pikeun jalmi nu resep nungtut élmu. Sakumaha dawuhan Kanjeng Nabi Muhammad SAW. Dina haditsna:
“Diukna anjeun dina majlis élmu sanajan sakeudeung, sanajan teu nyabak kalam-kalam acan, sanajan teu nulis sahurup-hurup acan, maka éta geus leuwih hadé tibatan ngamedikakeun sarébu budak beulian.”
1. Manusa bakal luhur darajatna dina pandangan Alloh lamun….
a. loba elmu c. luhur pangkat
b. loba harta d. gede kawani
2. Akibat jalma lamun teu boga elmu nyaeta….
a. hirup moal aya hartina c. miskin harta
b. teu boga wibawa d. dihina kupapada jalma
3. Nu ditepikeun ku khotib dina paragraph kadua tina hutbah di luhur nyaeta….
a. ngawilujengkeun c. menta dihampura
b. wasiat takwa d. maca hadits
4. Nurutkeun hutbah di luhur, kudu kumaha lamun urang hayang loba elmu….
a. teu kudu sakola c. daek hadir ka majlis elmu
b. sering meuli koran d. sering maca status facebook
5. Hotib nepikeun wasiat takwa tur nasehat pikeun ngaronjatkeun kaimanan, ayana dina bagean….
a. bubuka hutbah c. panutup hutbah
b. eusi hutbah d. amanat hutbah
6. Ieu dihandap aya kalimah anu ngandung istilah kaagamaan, nyaeta….
a. Mang Soleh keur macul di sawah
b. Jalma takwa bakal asup kana sawarga
c. Iraha rek digawe ka arab teh?
d. Mun panggih engke disalamkeun
Kanggo soal lengkepna sareng kunci jawabanna tiasa di download dina link ieu di handap!
Mangga klik kanggo ngadownloadna.
Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 1 Kelas 9 Taun Pangajaran 2018-2019 Plus Kunci Jawaban.