Diwadahan dipiringan
Hayu batur dulur kabeh
Ulin bari sisindiran
Kukupu jangjangna coklat
Ngariung di luhur sumur
Hayu batur geura sholat
Mengpeng masih aya umur
Kuring meuli Jambu mede
Jambu mede keur si Dede
Geura Sholat tong talangke
Ngarah jongjon baranggawe
Mawa botol ka Cisaat
Pipiti di sisi cai
Lamun urang getol solat
Pasti dipiasih Gusti
Lamun rek neangan batu
Kudu nu warnana coklat
Mun rek neangan minantu
Kudu kanu rajin sholat